Nadom Pengeling #2

Hayu geura saradia,
Meungpeung keur hirup di
dunya.
Amal keur sampeureun tea,
Di ahir moal sulaya.
Geuning maot ngadodoho, Boro sok dipoho-poho.
Datangna teu mere nyaho,
Ngageretek taya tempo.
Taya beurang taya peuting,
Taya raja taya kuring.
Di mana ajal geus sumping,
Teu meunang embung anaking.
Horeng nyawa eujeung badan,
Nu geus lila babarengan.
Datang mangsa dipisahan,
Paturay tineung pamitan.
Lain meureun lain sugan,
Da ieu mah kanyataan.
Kabeh pasti ngarandapan,
Geuning awak urang pisan.


Kaget reuwas mata mencrong,
Renghap ranjug munggah bengong.
Napas ngangseg na
genggerong,
Nu deukeut geus teu
katembong.
Horeng ieu teh sakarat, Dicabut ku malaikat.
Nyawa ngangseg mapay urat,
Teu aya daya keur lumpat.
Ku renghap nu panganggeusan,
Pegat sakabeh harepan.
Nabengkang taya dayaan,
Rek kumaha pangharepan.
Boro mah keur suka bungah,
Ngatur napsu seuri bungah.
Beak tempo kudu pindah,
Nyampeurkeun ka alam barjah.
Geus waktu ninggalkeun
lembur,
Menuju ka alam kubur.
Meunang ngali geus diukur,
Mahi keur awak sakujur.
Rek naon anu di bawa,
Duit atawa sawah lega.
Menang ngumpul-ngumpul tea,
Belaan nipu pasea .
Beunang tisusuk tidungdung,
Nu sok dipake adigung.Kana salat matak liwung,
Waktuna jakat mah embung.
Ibadah kateler-teler,
Nepi ka nyanghulu ngaler.
Lapur badan enggas komper,
Di tengah imah ngagoler.
Ngajolopong dituruban,
Diriung ditarungguan.
Geumpeur pacampur jeung reuwas,
Setan mah bati mupuas.
Harta anu ngunung-ngunung,
Pakean duit satungtung.
Ngan masih boeh asiwung,
Ditambah kai keur padung.
Lawang amal geus ditutup,
Hanjakal keur waktu hirup.
Talangke bet hanteu sanggup,
Padahal waktu mah cukup.
Paingan rosul ngelingan,
Dunya mah pangumbaraan.
Naha bet kamalinaan,
Tonggoy hanteu nyubadanan.
Ati cerik pikir liwung,
Imah tiiseun jeung suwung.
Ngan anak yatim buruan,
Tinggarisik ting rariung.
Abong poe panganggeusan,
Mana beurat rek pamitan.
Keun imah keun pakarangan,
Geuwat keun logak ngantosan.
Pasaran mendung dipayung,
Ti luhur dirurub sarung.
Nu ngiringna semu nguyung,
Nangkeup dada
tingkuyungkung.
Ngaleut ngeungkeuy
ngabandaleut,
Beuki deukeut beuki deukeut.
Beuki deukeut beuki deukeut,
Kana logak super heureut.
Duh geuning enggeus
nyangkorah,
Rup ku padung rap ku lemah.
Poek rupek jeung tugenah,
Ngarumas cukireuh susah.
Ahli sobat kawawuhan,
Teu tolih gancang bubaran.
Duh saha nu rek maturan,
Geusan cicing babarengan.
Mana sobat mana dulur,
Geuning buriak salembur.
Hanteu maturan di kubur,
Sumawon nambahan umur.
Oge harta banda kuring,
Nu dipuhit buerang peuting.
Cik mana anu rek ngaping,
Geuning geus kieu mah kuring.
Hanjakal aduh hanjakal,
Teu getol sadia amal.
Padahal geuning padahal,
Ngan amal nu jadi bekel.
Naon keur panyinglar sedih,
Nahan ku cimata getih.
Tawa bangkieung jungkelih,
Harta mah geuning teu nolih.
Enggeus montong rek
sasambat,
Teu guna enggeus kaliwat.
Bongan bareto teu toat,
Teu kurang nu nganasehat.
Tong hantem hahanjakalan,
Pan teu kurang nu ngelingan.
Pek tunggu jawab sorangan,
Geura jawab pariksana.
Paremutan parantosan,
Mangga geura aremutan.
Sugan manawi jeung sugan,
Ngajadi kamaslahatan.
Ku maca ieu pepeling,
Muga sing jadi panggeuing.
Da Gusti anu ngajaring, Siang jeung wengi diaping.